Hiji waktos
Jeng Maulana Insan Kamil anu kamashur Sunan Gunung Jati ka Nagara Cina. Teras
angkat ka Nagara Tartar, di étara nagara sareng opat nagara anu kamashur di
sabudeureun Nagara Tartar anjeunna tiasa ngaislamkeun gegedén katut rahayatna.
Di Nagara Tartar Jeng Maulana kamashur pandita anu wijaksana tur weruh sadurung
winarah. Éta kaayaan kaemper-emper ka Maharaja Ong Tien. Raja Agung di Nagara
Cina.
Pok raja
nyarita ka patihna: “Héh patih, kula meunang béja yén di Nagara Tartar aya
pandita anyar anu wijaksana tur weruh sadurung winarah. Ayeuna ondang ka dieu.
Kudu kairingkeun ku patih. Omat ulah teu kabawa.”
Harita kénéh
patih angkat ka nagara tartar. Kacarioskeun tos dugi ka Nagara Tartar, teras
baé nepangan Jeng Maulana.
KI Patih:
“Naha leres salira pandita anu kamashur téa? Saha jenengan sareng ti mana
kawitna?”
Jeng Maulana:
“Simkuring ti Pulo Jawa, ti Cirebon, ari wasta mah Maulana Insan Kamil.”
Ki Patih:
“Ayeuna pisan salira kudu ngadep ka Prabu Cina, kudu kairingan ku simkuring.”
Jeng Maulana:
“Mangga Ki Patih ti payun, engké urang patepang di karaton, teu kedah
diiringkeun.”
Ari di
karaton, Raja Cina téh nuju kempel, teu lami Ki Patih sumping. Ari Jeng Maulan
tos calik payuneun Sang Prabu.
Raja: “Patih,
enya ieu pandita anyar di Nagara Tartar téh, naha enya wijaksana?”
KI Patih:
“Numutkeun panariosan mah teu lepat, Gusti.”
Kangjeng Raja
palay nyoba, anjeunna téh kagungan putri istri, teras baé dina patuangan
puterina diterapkeun bokor kuningan, diatur dugika sapertos anu nuju
kakandungan. Enggal éta puteri téh dicandak ka payuneun Kangjeng Raja.
Raja: “Héh,
pandita anom, tingali anak awéwé kula, naha manéhna bureuyeungku kasakit
atawa keur kakandungan? Pok caritakeun
ku anjeun, lamun ku kasakit naon piubareunana, lamun kakandungan, kakandungan
ku saha?”
Jeng Maulana:
“Raja Cina, puteri anjeun keur kakandungan. Kumargi ku kakawasaan Allah, sanés
ku pameget.”
Ngadangu
waleran kitu, Jeng Maulana diusir sareng diseukseukan ku éta raja.
Kangjeng Raja:
“Indit siah ti dieu ... indit ...!”
Saangkatna
Jeng Maulana aya kajadian ahéng, bokor kuningan anu aya dina patuangan Puteri
leungit, janten leres-leres kakandungan. Damelna nangis waé siang wengi, teu
aya nu dipikacinta iwal ti Jeng Maulana.
Sang Puteri
anu nuju gandrung nguyung pok sasauran: “Duh ... Rama Prabu, tibatan kieu mah
putera téh langkung saé nemahan pati, hirup ogé teu aya gunana lamun teu
ngahiji jeung pandita anom téa. Upami kawidian, abdi badé nyusul sorangan ka
Pulo Jawa.”
Kangjeng Prabu
éwed, lajeng baé atuh nyauran Ki Patih, pok sasauran: “Héh Patih, anjeun kudu
maturan Puteri Ong Tien balayar ka Pulo Jawa. Bawa bupati saurang katut 1500
urang wadyabala. Kapal tilu eusi gusi, tong jambang, katut duit réana
samiliun.”
Ki Patih:
“Sandika, Gusti.”
Saparantosna
kénging widi ti ramana mah, énggal-énggal baé puteri téh balayar ngajugjug ka
Pulo Jawa.
Ari Jeng
Maulana tos aya di Pulo Jawa, anjeunna nuju aya di Luragung, parantos
ngaislamkeun raja Luragung. Teu kacatur di jalanna, puteri Ong Tien sareng
rombonganana tos dugi ka basisir Cirebon. Ditampi ku patih keling. Teras baé
Puteri sareng rombongan angkat ka Luragung, ngabujeng ka Jeng Maulana. Waktos
éta Sunan jati keur calik sareng Gédéng Kamuning, teu lami sumping Puteri Ong
Tien sujud ngahaturkeun baktos, sumerah jiwa raga ka Sunan Jati.
Puteri:
“Hampura kula ... hampura ....”
Singgetna
carita, Puteri Cina ditikah ku Sunan Jati, sarta namina digentos janten Nyimas
Rarasumanding.***
Dongéng barudak sakola di Cirebon (helins)
dicutat tina majalah Mangle No. 2306
17 Pupuh Sunda
Ngaran Raja Jeung Karajaan dina Pawayangan
Tidak ada komentar:
Posting Komentar