Sabtu, 10 Mei 2014

Pupuh Balakbak



Astrajingga, Udél, jeung Garéng

Beungeut beureum huntu hiji jeung bolotot ... nyéréngéh,
ngaranna téh Astrajingga nu katelah ... geus bekén,
sok sanajan ... sok sanajan,
réa hutang angger senang ... ngalégég.
Awak rengkung reujeung jangkung irung mancung ... Si Udél,
beuki saré beuki dahar beurang peuting ... ngagahél,
kabeukina ... kabeukina,
kentang goréng dibawangan ... prekedél.
Irung nambru huntu tonggar ngomong sugal ... Si Garéng,
gampang ambek teu pupuguh ka sasaha ... ngagambréng,
kahayangna ... kahayangna,
teu kaop teu ditedunan ... nyanggéréng.



Nagaran Raja-Raja dina Wayang

Pupuh-Pupuh Séjénna:
Asmarandana
Dangdanggula
Kinanti
Pupuh Sinom
Durma
Gambuh
Gurisa
Jurudemung
Ladrang
Lambang
Magatru
Maskumambang 
Mijil
Pangkur
Pucung
Wirangrong

Tidak ada komentar:

Posting Komentar