Sabtu, 10 Mei 2014

Pupuh Gambuh



Rasa diri nu kapahung,
naha atuh bet ngalajur napsu,
ngagugu kana haréwos sétan iblis,
samar polah banget bingung,
tigebrus kadalon-dalon.
Pamolah nu kalangsu,
bongan tadina maké ngaberung,
mokaha abong kéna rasa aing,
kiwari bati kaduhung,
ka kolot henteu ngawaro.
Mangkadé batur-batur,
tong gagabah dina campur gaul,
sing asak nimbang-nimbang pamilih diri,
sangkan salamet nya hirup,
hirup hirup teu kabendon.



Nagaran Raja-Raja dina Wayang

Pupuh-Pupuh Séjénna:
Asmarandana
Dangdanggula
Kinanti
Pupuh Sinom
Balakbak
Durma
Gurisa
Jurudemung
Ladrang
Lambang
Magatru
Maskumambang 
Mijil
Pangkur
Pucung
Wirangrong

Tidak ada komentar:

Posting Komentar