Sabtu, 10 Mei 2014

Pupuh Kinanti



Éndah pisan puncak gunung,
disawangna pabuburit,
dipapaés méga bodas,
katebak ku angin ririh,
tingrunggunuk tatangkalan,
matak betah nu ningali.

Panon poé téréh surup,
cahyana nyebrot ka langit,
titingalan murub mubyar,
layung konéng téréh bijil,
manuk marulang ka sayang,
reureuh dina dahan jeungjing.

Alam éndah lahan subur,
murahing Nu Maha Suci,
peupeujeuh kudu diriksa,
dipiara sing taliti,
sangkan mangpaatna manjang,
balaréa hirup hurip.



Nagaran Raja-Raja dina Wayang

Pupuh-Pupuh Séjénna:
Asmarandana
Dangdanggula
Pupuh Sinom
Balakbak
Durma
Gambuh
Gurisa
Jurudemung
Ladrang
Lambang
Magatru
Maskumambang 
Mijil
Pangkur
Pucung
Wirangrong

Tidak ada komentar:

Posting Komentar