Sabtu, 10 Mei 2014

Pupuh Maskumambang



Suling Budak Angon


Sora suling melas melis matak kingkin,
ti tengah sampalan,
ngagelik angin-anginan,
kapirengna matak waas.
Budak angon nyuling dina tonggong munding,
anteng ngan sorangan,
taya batur reureujeungan,
tuhu kana kawajiban.
Najan hirupna teu pati alus nasib,
mungguhing manusa,
tapi henteu ngarasula,
tawekal ka Nu Kawasa.



Nagaran Raja-Raja dina Wayang

Pupuh-Pupuh Séjénna:
Asmarandana
Dangdanggula
Kinanti
Pupuh Sinom
Balakbak
Durma
Gambuh
Gurisa
Jurudemung
Ladrang
Lambang
Magatru
Mijil
Pangkur
Pucung
Wirangrong

Tidak ada komentar:

Posting Komentar