Sabtu, 10 Mei 2014

Pupuh Sinom




Miara Diri

Hidep kabéh masing terang,
kuduna miara diri,
sangkan hirup urang séhat,
teu katerap ku kasakit,
jauh tina berewit,
kadé urang masing tuhu,
dina miara badan,
singlarkeun sakur nu rujit,
isuk-soré beberesih salawasna.

Kitu deui kadaharan,
masing bisa milih-milih,
kadé ulah tambarakan,
abong kéna-kéna beuki,
kapantrang teu ditolih,
kasakit nya datang tangtu,
rieut sarta muriang,
ngagalingging panas tiris,
nyeri beuteung nyeri huntu babareuhan.

Beberesih ngurus lingkungan,
lain waé matak asri,
urang cicing bakal betah,
tur jauh tina kasakit,
hudang subuh maranti,
pék beberesih geura brus,
matak seger kana badan,
jadi béngras kana mikir,
tangtu waé diajar gé bakal gampang.



Nagaran Raja-Raja dina Wayang

Pupuh-Pupuh Séjénna:
Asmarandana
Dangdanggula
Kinanti
Balakbak
Durma
Gambuh
Gurisa
Jurudemung
Ladrang
Lambang
Magatru
Maskumambang 
Mijil
Pangkur
Pucung
Wirangrong

Tidak ada komentar:

Posting Komentar