Numutkaeun Kamus Basa Sunda Danadibrata (739), wawayangan nyaéta itungan
anu dicokot dina ngaran jelema keur budak kénéh sanggeus dijumlah disurupkeun
kana tujuh ngaran wayang: Baladéwa, Bima, Samiaji (Darmakusumah), Samba, Semar,
Sencaki, jeung Togog.
1.
Baladéwa
Lamun wawayangan jelema ninggang dina
Baladéwa watekna: réa balaina, panasan, jeung babari ambek, tapi budina hadé.
2.
Bima
Lamun wawayangan jelema ninggang dina Bima
watekna: kuat pakarepan nepi ka hasil.
3.
Samiaji (Darmakusumah)
Lamun wawayangan jelema ninggang dina
Samiaji (Darmakusumah) watekna éta jalma mandita jeung wijaksana, saucap-ucapna
jadi.
4.
Samba
Lamun wawayangan jelema ninggang dina
Samba, watekna di antarana bisa ngomong, leutik wawanénna, ambekna tara maké
pikiran, sagala gawéna taya nu eucreug.
5.
Semar
Lamun wawayangan jelema ninggang dina
Semar, watekna éta jelema dipikaasih ku jelema réa.
6.
Sencaki
Lamun wawayangan jelema ninggang dina
Sencaki, watekna éta jelema di antarana: lébér wawanénna, téga pati, omonganana
didéngé ku pangagung, tapi jenengna moal luhur.
7.
Togog
Lamun wawayangan jelema ninggang dina togog,
watekna éta jlema bisa jadi ratu atawa pangurus.
17 Pupuh Sunda
Ngaran Raja-Raja jeung Karajaanana dina Wayang
Tidak ada komentar:
Posting Komentar