Minggu, 08 Juni 2014

WAWAYANGAN




Numutkaeun Kamus Basa Sunda Danadibrata (739), wawayangan nyaéta itungan anu dicokot dina ngaran jelema keur budak kénéh sanggeus dijumlah disurupkeun kana tujuh ngaran wayang: Baladéwa, Bima, Samiaji (Darmakusumah), Samba, Semar, Sencaki, jeung Togog.

1.       Baladéwa
Lamun wawayangan jelema ninggang dina Baladéwa watekna: réa balaina, panasan, jeung babari ambek, tapi budina hadé.

2.       Bima
Lamun wawayangan jelema ninggang dina Bima watekna:  kuat pakarepan nepi ka hasil.

3.       Samiaji (Darmakusumah)
Lamun wawayangan jelema ninggang dina Samiaji (Darmakusumah) watekna éta jalma mandita jeung wijaksana, saucap-ucapna jadi.

4.       Samba
Lamun wawayangan jelema ninggang dina Samba, watekna di antarana bisa ngomong, leutik wawanénna, ambekna tara maké pikiran, sagala gawéna taya nu eucreug.

5.       Semar
Lamun wawayangan jelema ninggang dina Semar, watekna éta jelema dipikaasih ku jelema réa.

6.       Sencaki
Lamun wawayangan jelema ninggang dina Sencaki, watekna éta jelema di antarana: lébér wawanénna, téga pati, omonganana didéngé ku pangagung, tapi jenengna moal luhur.

7.       Togog

Lamun wawayangan jelema ninggang dina togog, watekna éta jlema bisa jadi ratu atawa pangurus.



17 Pupuh Sunda
Ngaran Raja-Raja jeung Karajaanana dina Wayang

Minggu, 11 Mei 2014

Ngaran Satria jeung Kasatriaanana dina Wayang



Abimanyu (satria ti Palengkawati)
Anoman (Satria ti Kandalisada)
Arjuna (satria ti Madukara)
Aswatama (satria ti Sokalima)
Antareja (satria ti Jangkarbumi)
Burisrawa (satria ti Madyapura)
Drestajumena (satria ti Campalareja)
Dursasana (satria ti Banjarjungut)
Gatotgaca (satria ti Pringgadani)
Indrajit (satria ti Bikungkung)
Irawan (satria ti Yasarata)
Jayadrata (satria ti Banakeling)
Kartamarma (satria ti Banyutihalang)
Kumbakarna (satria ti Pangleburgangsa)
Lesmana Mandrakumara (satria ti Sarojabinagun)
Nakula (satria ti Bumi Retawu)
Sadéwa (satria ti Sawojajar)
Samba (satria ti Paranggaruda)
Setiyaki (satria ti Lesanpura)
Sangkuni (satria ti Palasajenar)
Werkudara (satria ti Jodipati)





Ngaran Pandita jeung Patapaanana dina Wayang
 Ngaran Dewa jeung Kahiyanganana dina Wayang
Ngaran Patih dina Wayang
Gagaman jeung Ajian dina Wayang

17 Pupuh Sunda 


Ngaran Raja jeung Karajaanana dina Wayang



Prabu Arjuna Sasrabahu (raja di Maéspati)
Prabu Baladéwa (raja di Mandura)
Prabu Basudéwa (raja di Mandura)
Prabu Bomanarakasura (raja di Trajutrisna)
Prabu Drupada (raja di Campala)
Prabu Dasarata (raja di Ayodya)
Prabu Drestarata (raja di Astina)
Prabu Dasamuka (raja di Aléngka)
Prabu Kresna (raja di Dwarawati)
Prabu Karna (raja di Awangga)
Prabu Maéspati (raja di Wirata)
Prabu Niwatakawaca (raja di Imantaka)
Prabu Pandu Déwanata (raja di Astina)
Prabu Puntadéwa (raja di Amarta)
Prabu Ramawijaya (raja di Pancawati)
Prabu Salya (raja di Mandraka)
Prabu Sentanu (raja di Astina)
Prabu Sugriwa (raja di Guha Kiskénda)
Prabu Suyudana (raja di Astina)



 Ngaran Satria jeung Kasatriaanana dina Wayang
Ngaran Pandita jeung Patapaanana dina Wayang
 Ngaran Dewa jeung Kahiyanganana dina Wayang
Ngaran Patih dina Wayang
Gagaman jeung Ajian dina Wayang

17 Pupuh Sunda 

Puteri Ong Tien



Hiji waktos Jeng Maulana Insan Kamil anu kamashur Sunan Gunung Jati ka Nagara Cina. Teras angkat ka Nagara Tartar, di étara nagara sareng opat nagara anu kamashur di sabudeureun Nagara Tartar anjeunna tiasa ngaislamkeun gegedén katut rahayatna. Di Nagara Tartar Jeng Maulana kamashur pandita anu wijaksana tur weruh sadurung winarah. Éta kaayaan kaemper-emper ka Maharaja Ong Tien. Raja Agung di Nagara Cina.
Pok raja nyarita ka patihna: “Héh patih, kula meunang béja yén di Nagara Tartar aya pandita anyar anu wijaksana tur weruh sadurung winarah. Ayeuna ondang ka dieu. Kudu kairingkeun ku patih. Omat ulah teu kabawa.”
Harita kénéh patih angkat ka nagara tartar. Kacarioskeun tos dugi ka Nagara Tartar, teras baé nepangan Jeng Maulana.
KI Patih: “Naha leres salira pandita anu kamashur téa? Saha jenengan sareng ti mana kawitna?”
Jeng Maulana: “Simkuring ti Pulo Jawa, ti Cirebon, ari wasta mah Maulana Insan Kamil.”
Ki Patih: “Ayeuna pisan salira kudu ngadep ka Prabu Cina, kudu kairingan ku simkuring.”
Jeng Maulana: “Mangga Ki Patih ti payun, engké urang patepang di karaton, teu kedah diiringkeun.”
Ari di karaton, Raja Cina téh nuju kempel, teu lami Ki Patih sumping. Ari Jeng Maulan tos calik payuneun Sang Prabu.
Raja: “Patih, enya ieu pandita anyar di Nagara Tartar téh, naha enya wijaksana?”
KI Patih: “Numutkeun panariosan mah teu lepat, Gusti.”
Kangjeng Raja palay nyoba, anjeunna téh kagungan putri istri, teras baé dina patuangan puterina diterapkeun bokor kuningan, diatur dugika sapertos anu nuju kakandungan. Enggal éta puteri téh dicandak ka payuneun Kangjeng Raja.
Raja: “Héh, pandita anom, tingali anak awéwé kula, naha manéhna bureuyeungku kasakit atawa  keur kakandungan? Pok caritakeun ku anjeun, lamun ku kasakit naon piubareunana, lamun kakandungan, kakandungan ku saha?”
Jeng Maulana: “Raja Cina, puteri anjeun keur kakandungan. Kumargi ku kakawasaan Allah, sanés ku pameget.”
Ngadangu waleran kitu, Jeng Maulana diusir sareng diseukseukan ku éta raja.
Kangjeng Raja: “Indit siah ti dieu ... indit ...!”
Saangkatna Jeng Maulana aya kajadian ahéng, bokor kuningan anu aya dina patuangan Puteri leungit, janten leres-leres kakandungan. Damelna nangis waé siang wengi, teu aya nu dipikacinta iwal ti Jeng Maulana.
Sang Puteri anu nuju gandrung nguyung pok sasauran: “Duh ... Rama Prabu, tibatan kieu mah putera téh langkung saé nemahan pati, hirup ogé teu aya gunana lamun teu ngahiji jeung pandita anom téa. Upami kawidian, abdi badé nyusul sorangan ka Pulo Jawa.”
Kangjeng Prabu éwed, lajeng baé atuh nyauran Ki Patih, pok sasauran: “Héh Patih, anjeun kudu maturan Puteri Ong Tien balayar ka Pulo Jawa. Bawa bupati saurang katut 1500 urang wadyabala. Kapal tilu eusi gusi, tong jambang, katut duit réana samiliun.”
Ki Patih: “Sandika, Gusti.”
Saparantosna kénging widi ti ramana mah, énggal-énggal baé puteri téh balayar ngajugjug ka Pulo Jawa.
Ari Jeng Maulana tos aya di Pulo Jawa, anjeunna nuju aya di Luragung, parantos ngaislamkeun raja Luragung. Teu kacatur di jalanna, puteri Ong Tien sareng rombonganana tos dugi ka basisir Cirebon. Ditampi ku patih keling. Teras baé Puteri sareng rombongan angkat ka Luragung, ngabujeng ka Jeng Maulana. Waktos éta Sunan jati keur calik sareng Gédéng Kamuning, teu lami sumping Puteri Ong Tien sujud ngahaturkeun baktos, sumerah jiwa raga ka Sunan Jati.
Puteri: “Hampura kula ... hampura ....”
Singgetna carita, Puteri Cina ditikah ku Sunan Jati, sarta namina digentos janten Nyimas Rarasumanding.***
Dongéng barudak sakola di Cirebon (helins)
dicutat tina majalah Mangle No. 2306 


17 Pupuh Sunda
Ngaran Raja Jeung Karajaan dina Pawayangan

Sabtu, 10 Mei 2014

Pupuh Wirangrong

Salah Rap

Niatna hayang ngaginding,
niron-niron jalma sohor,
sangkan dipuji  ku batur,


teu apal maké pahili,
teu nyurup kana aturan,
atuh taya kapantesan.

Tadina mah rék didasi,
hanjakal taya kanyaho,
abong enya anu dusun,
dasi dicangreudkeun tarik,
kawas nalian ku tambang,
nyangcang domba di tegalan.


Nagaran Raja-Raja dina Wayang

Pupuh-Pupuh Séjénna:
Asmarandana
Dangdanggula
Kinanti
Pupuh Sinom
Balakbak
Durma
Gambuh
Gurisa
Jurudemung
Ladrang
Lambang
Magatru
Maskumambang 
Mijil
Pangkur
Pucung

Pupuh Sinom




Miara Diri

Hidep kabéh masing terang,
kuduna miara diri,
sangkan hirup urang séhat,
teu katerap ku kasakit,
jauh tina berewit,
kadé urang masing tuhu,
dina miara badan,
singlarkeun sakur nu rujit,
isuk-soré beberesih salawasna.

Kitu deui kadaharan,
masing bisa milih-milih,
kadé ulah tambarakan,
abong kéna-kéna beuki,
kapantrang teu ditolih,
kasakit nya datang tangtu,
rieut sarta muriang,
ngagalingging panas tiris,
nyeri beuteung nyeri huntu babareuhan.

Beberesih ngurus lingkungan,
lain waé matak asri,
urang cicing bakal betah,
tur jauh tina kasakit,
hudang subuh maranti,
pék beberesih geura brus,
matak seger kana badan,
jadi béngras kana mikir,
tangtu waé diajar gé bakal gampang.



Nagaran Raja-Raja dina Wayang

Pupuh-Pupuh Séjénna:
Asmarandana
Dangdanggula
Kinanti
Balakbak
Durma
Gambuh
Gurisa
Jurudemung
Ladrang
Lambang
Magatru
Maskumambang 
Mijil
Pangkur
Pucung
Wirangrong